Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Si Hideung Goréng Patut

Kamis, 27 Oktober 2016

“BEGÉNG... Begéng…” Teu salah, pasti sora si hideung goréng patut. Si Sarpoed. Geremet haté Anggi. Geus baku mun moyokan téh. Teu indit sakola atawa balik sakola. Hayoh wéh popoyok. “Kawas nu kasép waé!” Hiji waktu mah ditémbal. Keuheul. Malah Si Sarpoed, nyéréngéh jiga nu atoh. “Dasar jelema gering!” Pok deui. Anéh, luk Si Sarpoed tungkul paromana robah teu jiga biasana. Laju ngiles asup ka kelas.

Geus aya kana samingguna. Tiis ceuli herang mata. Si goréng patut teu asup sakola. Euweuh deui nu popoyok. Teu hayang tunya tanya. Atoh nu aya. Trilit. Sora sms teuing ti nomer saha. “Gi, hampura Apoed, nya!” Aya rasa nu nyeuitan haté.
“Anggi ikhlas, Poed! Dipoyokan begéng unggal usik!” Nu ngabangingik gigireun risbang rumah sakit. Selang nu pajuranteng, hiji-hiji mimiti dicabutan…*

Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya