Luar Batang Hiji Waktu
ENYA gé mercury mabra, magrib téh kalah sareukseuk. Di luhur, langit ceudeum. Buruan masigit lir gudang bedah: Tarajé rungkad patulayah jeung sapatu layu, sendal butut, vas kembang songhék, ucing hideung nu rancucut balas diséblok tukang goréngan, lampu néon di warung-warung.
Barudak, rambutna awut-awutan, tato dina pigeulang, pating pucunghul tina sela-sela warung jeung beus nu daratang teuing ti mana. Leungeun maranéhna ngeukeuweuk pedang, sawaréh ngareupeul batu.
Sayid, ka saha abdi sadaya kedah ngumaha? Satengahing masigit awor ku nu wiridan sareng nu maraos yasin, tuang putu papuket jeung papadana. Silih sabetkeun pedang, silih tenggor ku batu. Di buruan masigit salira!
Nu keur dalahar ukur olohok. Nu bubar wirid bati bisa kerung. Getih ngacrét na panto WC, cinggir tinggaleun na asbak plastik. Nu bogana digarotong maké sepré hapeuk jeung jas hujan. Sawaréh dipayang ka lebah péngkolan.
Sayid, angkat ka mana ari bulan?*
Maman Gantra - kisuta.com


