Kalangsu
ARI maranéh saha? Teu ngarti uingah. Dumadak aya di hareupeun. Ngariung. Tingkecewis satukangeun piring séwang-séwang. Beu! Teu daraék jempé deuih. Boa teu kungsi mareunang atikan. Teu boga tatakrama pisan. Étah étah! Aya ku gandéng. Trung-tréng. Tingdurukduk. Kurupuk. Digayem caréham. Awor jeung paguneman.
“Wénjing popih aya muiting di Sanuw. Woyong dikawiwim naong?” samutut.
“Emh, nyawas ti nyawas. Muamih mah onyong amengan doi ka Singapuy. Nyawios nyak!” céplak, pingping hayam ngabarawak.
“Ké sonten aa ka béngkheuuu... Si Lancer digentos pélkeuuuu...,” teurab.
Gustiii...! Teu wawuh uingah. Ari maranéh saha? Dumadakan aya di hareupeun. Ngariung balakécrakan.
Saukur mata simeuteun. Basa maranéhna tingkuniang, ngaraléos bari ngusapan ieu buuk nu karasa lésang.*
Shohiba Nu'man - kisuta.com


