Cipanon Inten
TEU aya nu nyora. Simpé kabéh. Indungna suwung tina sari bendu. Sok komo ngeclakeun cimata. Éstu tabah lir gunung karang. Ukur Si Ujang nu ngagugudug. Amarah luméntab dina dadana. Asa diteungteuinganan ku kalakuan Bapana. Leuwih ti sataun teu mulang. Datang-datang mawa budak jeung pamajikan anyar.
“Goblog siah…!” Ujang morongos ka Bapana. “His, teu kéngéng kitu ka Apa téh, Jang! Saé awon Apa hidep.” Indungna ngahuit, meper amarah. Si Ujang kerung, hélokkeun ku pamolah indungna. Tetep babakti ka salaki. Sanajan dinyenyeri.
“Ulah sering teuing liar ti wengi, Jang!” Indungna ngélingan. Ukur ngarérét ceuceub kanu dariuk dina sofa. Léos kaluar. Peuting harita, bulan sidéngdang dina luhureun méga.
Janari leutik kakara balik. Barang anjog ka kamar, kasampak Indungna keur diuk di sisi ranjang bari nyenyepeng wedak, lipen tur anderok. Pasémon bendu. “Naon ieu, Jang?” Nu ditanya ngeluk tungkul. “Ujang alim sapertos Apa, Bu!” Laju nyegruk dina lahunanana. Cipanon gumenclang indungna ngamalir patingborélak.*
Rudi Alfajri - kisuta.com


