Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Engkok Enong

Kamis, 3 November 2016

“HÉI bandrék bajigur! Bapaw!!” Réang ti palebah kelas genep. Ukur dirérét. Teuing geuleuh kunaon. Tara elat unggal poé maroyokan. Da lain kahayang pangawakan jeung beubeungeutan kawas kieu téh. Nyeri haté mah. Tapi teu bisa kumaha. Jol ka imah, kasampak Mamah keur ngadonan pikuéheun.
“Mah, naha Alloh bet henteu ngageulisan sadaya istri? Naha bet aya nu siga Ina? Pan Aki gé sok nyebat engkok enong.” Mamah imut bari ngusapan sirah.
“Eta mah bakat ku nyaah. Geulisan wé uteuk jeung haté.” Saurna bari kop deui kana hanca adonan.
Duapuluh tujuh taun kalarung. Angger bandrék bajigur, dekok nongnong, bapaw buheukeu. Tapi geus aya Pierre, anu nyaahna tan wangenan.
”Wilujeng, Mon Amour." Ngambung embun-embunan. Cung-cong nu ngawilujengkeun. Promosi doktor meunang predikat summa cum laude.
Peuting jeung Pierre, éndah waé. Dina keukeupanana diri asa jadi widadari. Asa kapireng, Prince ngahaleuang “The most Beautiful Girl in The World”.*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya