Sihung Raja Bagong
"LEUWEUNG aing...!" gorowokna harus nakeran. Manéhna nyuuh, ceurik sesegrok. Teu kawawa ku lara basa leuweung diburak-barik. Gasik muru pasir angger diudag déko. Sora déko jeung setum leuwih pikasieuneun batan sora nyikikikna kunti. "Aing kudu lumpat kamana deui? Asa piraku ka pilemburan mah. Kuriak ditumbak, ditéwak." Sorana kapegat-pegat. Rét, gigireun, bagong bikang nu keur ngeukeupan anak-anakna teu bisa nyumputkeun guligah. "Oing! Oing!" Sora anak bagong nu karék brol kalah nambahan kaweur. Raja bagong cengkat, kebat indit mipir pasir. Jog, di patempatan nu baheula leuweung manéhna, mayakpak taneuh beureum nu keur diratakeun ku setum. Suruduk! Jengkang! Plang proyék jalan tol ditubruk laju muru déko nu keur ngeruk pasir. Suruduk! Gubrag! Nu nyuruduk ngajurahroh, sihungna parotong. Gaik! Gaik! Raja bagong ngalengis. "Aya bagong!" pagawé proyék tinggorowok. Kurunyung mandor jeung nu séjénna marawa pakarang. "Ampun! Teu kudu maéhan uing. Pangnepikeun ieu sihung jang nu gableg proyék. Manéhna leuwih pantes maké sihung uing." raja bagong cumalimba.*
Bunda Unie - kisuta.com


