Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sungut

Kamis, 10 November 2016

SUNGUT ting calawak, di Amerika, di Eropa, Afrika, Asia jeung Australia. Aya sungut keur ngadu bako, mitenah, da’wah, ngarayu, ngawadul, ngawih, jumpa-jampé, cudah-ciduh jeung curak-carék. Ku lalampahan sungut, nagara jadi perang, jelema tingcakakak, léwéh atawa ambek. Hiji mangsa, sungut dokter ngahiji jeung sungut présénter, sungut paraji jeung sungut tukang ragaji, sungut pelawak jeung sungut bayawak, sungut maung jeung sungut lutung, antukna sakabéh sungut nu aya di dunya, boh sungut manusa boh sungut sasatoan, numpuk jadi hiji, iwal ti sungut jurig nu arembungeun ngagalo. Ku badag-badagna éta sungut, dunya diteureuy, atuh sakabéh jurig milu kateleg. Réngsé ngahakan dunya, Bulan dicapluk, planet Mars, Jupiter jeung planet séjén béak dicapék. Ayeuna sungut keur nyemil béntang-béntang, nepikeun ka ledisna. Panungtungan sungut ngajugjug ka panonpoé. Lep, Panonpoé disamualkeun. Reup, alam peteng, poék mongkléng. Panonpoé meleg dina tikoro. Sungut panaseun. Sungut kabesékan. Kosong molongpong, teu témbong nanaon ukur sora gogoakan. “Tobaaaaaaaat…!” Euweuh nu ngadéngé.*

Yusef Muldiyana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya