Carita Janari
SORA takbir nyulusup kana ceuli. Manéhna ngoréjat. Lain ku sora takbirna, tapi ku sumber sorana. Nu karasa ahéng. Enya baé. Salakina keur sujud. Manéhna gigisik. Bisi lain. Enya, salaki aing, gerentesna. Manéhna nyusut cimata. Puluhan taun imah-imah, kakara ayeuna ningali salaki solat. Angot ieu, solat peuting. Haténa Bagja béh ditueun bagja. “Nuhun Gusti, du’a abdi diijabah ku Anjeun.” Basa salakina awéh salam. Buru-buru disimbut deui. Api-api teu mireungeuh kajadian ahéng cikénéh. Kapireng segruk salaki tina sela-sela du’ana.
Tuluy nyileuk, basa salakina geus dug deui ogé. Parat nepi ka raéngna sora adan ti saban masjid. Nyileuk téh baning kebek ku rasa bungah nu tan wates wangen. Manéhna nguniang. Salakina diteuteup anteb naker. Tarangna dicium. Tuluy ngaharéwos, “Kang, urang solat subuh!” Hal nu teu biasa, kudu mimiti dibiasakeun. Salakina beunta. Rét ka nu ngaharéwos.
“Rék solat mah solat wé sorangan. Maké jeung ngangajak aing sagala!” sentakna. Sentak nu sasari.*
Rudi Riadi - kisuta.com


