Sastra & Humor
Fikmin
Cag!
Minggu, 13 November 2016
PEUTING seukeut kawas balati. Angin ngejat deui sanggeus ngagerihan kulit. Cunggelik sorangan. Simpé beuki ngawewejék awak. Ka mana sora ajag nu ngalanglaung maturan uing nu kari rorongkong? Ka mana Nini Antéh nu sok gugupay ngaharéwos, “Yap geulis, urang tinggalkeun bangbaluh nu mangtaun-taun nyeuitan jajantung!” Nini Antéh, Nini Antéh, anjeun ngan kari ngaran sanggeus dirawu sandékala teuing ka mana. Ayeuna tinggal hawa nu ngaliarkeun hangru getih, nu pageuh ngeukeuweuk awak sakujur. Tiris. Tiris taya bandingna! Uing ngadégdég sorangan di ieu rohangan. Taya ajag. Taya sandékala. Taya Nini Antéh. Taya bulan. Uing ngajepat. Pasrah. Dirurub samping kebat.*
Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


