Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Usum Banjir

Selasa, 15 November 2016

BANJIIIR! Banjiiiir! Banjiiir!
Jalma patingserebet. Nu balik ka imahna. Nu rék ngungsi. Pabaliut. Di jalan, cai geus semet tuur. Satuur téh ukuran jangkungna cai jaman ayeuna. Lain ku méteran. Geuning dina tipi gé sok kabéjakeun cai geus samumuncangan. Sabitis. Satuur. Sacangkeng. Salaput sirah budak. Satuur di loténg. Sup ka imah. Gura-giru ngarawél kantong kérésék luhureun méja. Eusina dokumen penting nu geus disiapkeun ti anggalna. “Mah, geuwatkeun!” Cai geus asup ka imah.
“Muhun ké sakedap, Pa. Nuju pameng.” Pokna.
“Susuratan jeung buntelan pakéan mah geus ku Bapa. Ulah bubuntel waé atuh. Hayu geuwatkeun bisi kaburu luhur mantén caina!” Buntelan pakéan digandong.
“Ih saha nu nuju bubuntel?“ Kakeuheul geus mimiti nyedek kana sirah.
“Geuwat atuh di pangungsianana bisi kaburu pinuh. Bapa moal kuat ari kudu saré na ténda mah.” Bray! Panto kamar muka.
“Sakedap, Pa! Dangdosna teu acan réngsé. Isin teu dimik-ap téh. Pan di pangungsian téh seueur jalmi…”*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya