Careuh
WANCI haneut moyan. Nyangsaya ‘na korsi goyang. Suruput. Regot. Ni’mat naker ngarasakeun kamulyaan hirup. Paéh poso usaha. Kiwari tinggal metik buahna. Kop kana koran. Diilo. Paromanna robah. Jiga beusi atah beuleum.
“Sangeunahna. Maranéhanana nu leuwih kejem! Aing mah, bibilintik ti leuleutik.” Kutuk gendeng.
“Katiwasan..., Juragan! Pangeusi kandang ngamuk!” Ajum haruhah-haréhoh.
Deregdeg muru. Kasampak paburantak. Pamakanan tingjumpalik. Careuh-careuh buncelik. Roronjang.
“Geus diparaban acan?” Ngembang wéra.
“Parantos, Juragan. Sapertos biasana. Mung teu dihakan. Ti kamari mogok nyatu, mogok modol! Teu aya sagéréntél-géréntél acan.”
Ngangseg. Ngadeukeutan. Beuki motah. Nyangéréngan. Jurungkunung. Mindahrupa. Jadi ajag kabéh. Sorana ngalanglaung. Handaruan.
“Dasar manusa sarakah, kapodol-podol aing dihakan, teu disésakeun!”
“Dobrak euy! Dobrak!” Careuh tingcorowok. Brag-brug. Kandang didobrak. Bereyek. Kalaluar. Ngaburak-barik. Geumpeur.
“Ajum, Koim! Peundeutkeun panto gerbang. Konci! Laporkeun ka Pulisi!” Birat. Lumpat notog-notogkeun manéh.
Ngaléhléh ‘na korsi goyang. Baluas. Sepa. Rét ka pamajikanana. Gebeg. Bet namblég Careuh Bulan.*
Nena Cunara - kisuta.com


