Macan Ternak
"TOS nya. Aya angkot." Klik. Sup hapé kana saku kaméja. Cat. Gék gigireun Aki-aki.
Dius. Teu jauh reg deui. Cat awéwé ngora mawa orok jeung budak SD.
"Macan ternak," ceuk haté.
Nyaan geulis. Bohono. Kulit bodas adu manis jeung buuk pérang. Baju beureum, lipen beureum. Diteuteup téh belenyéh, unggeuk rengkuh. Dibales ku imut deui, bari ngésér méré tempat diuk ka budakna. Dihapit ku kuring jeung si Aki.
Manéhna gék hareupeun.
Teu lila, kusiwel-kusiwel. Bréh dua cahaya ngabarasat matak meureudeuy. Nu hiji wel ka orokna. Nu hiji deui diteueul-teueul kana leungeun orok.
Kerelek, si Aki neureuy ciduh. Kuring? Puguh deui. Haruh...
"Baku Adé mah,"cenah ka anakna. "Enén téh kedah kieu."
"Mah, hayu." Bus-bus diasupkeun deui.
"Kiri...!"
Jrut. Tuluy mareuntas. Megat angkot nu arah sabalikna.
Har? Naha? Ceg kana hapé. Rék diapdét. Cupu-capa. Euweuh.
Tunga-tengo ka kolong, euweuh.
"Har, amplop Abah ka mana? Aduh mangkaning pangsiun karak dicokot."
Boa-boa. Halaaah...*
Lia Robby - kisuta.com


