Hutbah Jumaah
KALERESAN bagéan janten hotib. Atuh nu biasana sok mios pas adan téh, tadi mah rada awal ka masjidna. Sateuacan ngalaksanakeun ibadah jumaah, sakumaha biasa sok ngadugikeun heula sababaraha hal, diantawisna ngadadarkeun perkawis saldo kas masjid.
Dina hutbah ngahaja ngaguar bab hurmat kanu janten guru. Bongan émut sababaraha dinten kapengker téh mangrupikeun hari guru nasional. "Sakumaha kasauran Imam Ali RA, yén anjeunna nyaurkeun, 'kuring hamba sahaya ti saha waé nu kantos ngawurukkeun pangaweruh sok sanaos ukur sahurup.' Tina éta hal, hayu urang témbongkeun rasa hurmat ka guru. Sakedikna ulah hilap ngadoakeun aranjeuna."
Nuju hutbah kitu téh bet aya nu ngeyembeng na soca. Kagagas ku bélana nu jadi guru.
Rét ka jamaah nu jumaahan. Sakumaha biasa, teu robih. Sadayana narundutan. Malih kakuping aya nu kérék nimat pisan.*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


