Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Éjégélér

Senin, 21 November 2016

“HAREUDANG, Bu...,” cekéng téh halon. Ka Si Ibu nu dibaju sépé. Harita, basa kakara meleték panonpoé. Hayang nunutur ingkigna. Nu dikukuntit kalah ngarandeg heula. Nyelang ngalieuk sakeudeung. Ngerungkeun tarangna. Umat-imut sorangan. Léos deui we. Yéééh.
“Hareudang, Dak...,” cekéng ka barudak sakola nu mulang abring-abringan. Nu dibaréjaan ngadon jarongjon ngalagu ramé. Dibarung ceuceuleukeuteukan. Awak kalah beuki bayeungyang.
“Hareudang, Téh...,” cekéng ka Étéh-étéh karyawan pabrik. Nu narungtutan baralik. Basa panonpoé ngeureuyeuh mulang. Nu digentraan bet malik nyaleungseurikeun. Sawaréh mareungpeun carang. Bari cicirihilan. Tuluy aréak-éakan sapanjang jalan. Asa aya nu ngoléséd dina keukeupan.
“Hareudang, Euy!” Cekéng nyentak ka langit. Tengah peuting jemplang-jempling. Geleger, langit némbalan. Béntang nyingray. Rob. Méga hideung jarangjangan. Hiuk. Angin peuting lilimbungan. Langit pada ngaraponan. Tatit milu rikat nyebitan. Tingburinyay. Tingbarasat. Riyeg....
Ana bray téh beurang. Panas entak-entakan. Panonpoé nyangsang dina embun-embunan.
Rét kana lemah. Kokotéténgan. Kukurilingan. Weléh teu kapanggih. Gap kana awak. Diuget-uget. Gurimpal. Kalangkang rubuh. Ngabebengkang. Sataranjang.*

Asép Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya