Kaduhung
BRAAK..! Panto ditajong. Nu di jero warnet kabeh ngarenjag. Iblis culang-cileung. Ngungkug. Nyampeurkeun sekat nomer tilu. Lol. Bedog diheumbat. Nu diuk kasima. Hiuk! Bedog ditigaskeun. Gorowok! Crak! Bedog nigas lebah beuheungna. "Tulung!" gorowokna, laju lumpat ka luar rohangan. Rikat iblis ngudag nu lumpat. Blak, nangkarak di palataran warnet. Iblis ngabedega. Laju ngaheumbatkeun deui bedogna. Cruk! Crak! Hantem nigasan. Nu nangkarak tibra. Reg. Ngajentul. Sobatna ngabibigang. Pluk bedog na ranggeuman murag. Sajuringkang aya kalangkang kaluar tina awakna. “Hade jang hade! Silaing batur dewek!” Cakakak seuri tarik naker. Denis. Umbruk tuluy ngangkaung. Kalangkang. Beuki tarik nyakakakna. "Silaing batur dewek!" Cakakak. Awuhanana, satungtung denge. Buringkal. Cengkat. Pameunteu nu leungiteun dangiang. Mencrong kosong. Ramo-ramo muntang pageuh. Kana takdir nu pinasti.*
Remi Sadkar - kisuta.com


