Supir Angkot 02
PEUTING ngagayuh ka janari. Kuduna bulan téh keur meujeuhna ngempur. Kétang bulan mah siga bujur aseupan. Tara daék cicing. Teu anéh mun ayeuna ngadadak leungit. Nu satia mah matapoé. Unggal isuk nyaangan dunya. Supir angkot ngajéngjéhé tukangeun setir. Nganaha-naha nasib. Jokna kosong. “Ka Indihiang, Jang Angkot?” Supir angkot kagareuwahkeun. Rét ka kénca. Lalaki tengah tuwuh, nangtung bari angkaribung. “Muhun. Kardusna ditangtungkeun!” Cenah. Sup panumpang naék. Gék diuk. Kardusna dilahun. Lain kardus. ”Anaking jimat awaking. Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun, di pakarangan nu reumis kénéh...” Kapireng ku supir angkot, Si Bapa ngahaleuang. Leungeun katuhuna parigel ngajentréngkeun kacapi. Supir angkot ngahuleng. Indungna nu geus taya dikieuna, sok ngahaleuang lagu éta bari ngayunambing. “Bapa téh saha téa kitu?” Teu dijawab. Kacapi ngajentréng. Beuki narikan. Tali gaibna ngeurad bulan nu dikélék ku leungeun kénca. Jep! “Jang, diborong wé ku Bapa. Bisi subuh mantén. Ka Indihiang nya! ” Mobil ngadius meulah gumelebugna angin. Muru beurang.*
Deni Riaddy - kisuta.com


