Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Mutih

Selasa, 29 November 2016

MUNGGUH sajatina cinta, jaman kiwari mah takerannana dunya barana. Ceuk batur uing matré? Paduli, da geuning hirup mah teu cukup ngan saukur cinta. Lapar, moal wareg ku digaléntoran. Hayang baju nu mantes teu cukup ku i love you. Teu usum ngabéla cinta, mun ngabeuli mah heueuh. Rét, kanu gigireun, si ganteng kalem pujaan haté. "Yakin Aa badé nyumponan sagala kahoyong abdi?" Nyéh, manéhna imut. "Éverything, Beib!" walonna. "Pami cinta ka abdi mah kedah mutih." Manéhna neuteup deudeuh. "Dipiwarang saum diwashol salami saminggu gé kersa. Demi cinta Néng." Kuring males neuteup, ngusap pipina. "Maksad abdi mutih teh... Bé-ém-wé putih sareng sasét emas putih. Ditambih gedong sigrong cét putih." Manéhna ngajéngkat teu uluk salam.*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya