Bulan Ngumambang Luhureun Makam
MABRA. Nyaangan seselepétan haté. Bruh-bréh panineungan. Tingarulang tinggarupay. Anjeun nyéngcélak. Silanglang di tampian cinta. Tempat mimiti diajar maca bari ngojay. Harita bulan ngumambang. Mancerkeun cahya asih sapaniatan. Balungbang timur jalan gedé sasapuan. Cinta ngamalir ti lauhil mahfud.
"Demi waktu. Saéstuna manusa aya dina karugian." Henteu Gusti. Malih nu ditempangkeun dina kaweningan cinta, estu untung. Tugas sareng kawajiban sapanjang rénghap tiasa réngsé ku duaan. Sanaos mung sakieu buktosna. Sadaya kakirangan, lumrahna manusa, neda tawakup sareng pangapuntenna. Katampi pisan kaasih salira. Hatur nuhun.
Bral, jungjunan. Rido Apa nyarengan. Teu kedah melang. Jangji sapapait samamanis badé dibuktoskeun. Apa moal badé ngalih tampian. Surga kénging salira karaos pisan ni'matna. Badé dijaga diriksa.
"La illaaha illalloh! La illaaha illalloh!"
Ayeuna bulan ngumambang deui. Lain di tempat silanglang.*
Dadah Hidayat - kisuta.com


