Salaki
TEU sia-sia sujud unggal peuting ménta salaki robah adat, jeung enyana hidayah diturunkeun ku Nu Maha Kawasa. Teu pira jalanna mah ukur maca novel "Ayat-ayat Cinta". Ti dinya mimiti robahna téh. Kanyeri nu baheula lila-lila kaubaran. Sok nyérédét mun inget kalakuanna baheula, sahaok kadua gaplok, asa aing, puluhan kali katohyan salingkuh. Basa manggihan kondom dina lokétna, kalahka kuring nu ngayekyek béak disiksa, pajarkeun téh teu sopan ulak-ilik barang salaki... Ah moal diinget-inget deui apanan salaki geus sholéh ayeuna mah. Kriing... Telepon disada. Ti salaki. Buru-buru diangkat. "Mih, buka panto, Apih nyandak kejutan." Kuring atoh, gura-giru muka panto. Teu lila sup salaki asup, dituturkeun ku hiji awewe jeung lalaki kolot, "Mih kenalkeun ieu Pa Kyai ti pasantrén tempat Apih ngaos," pokna. Solongkrong kuring sasalaman, "Tah mun ieu Néng Ratna putrina Pa Kyai, calon maru Amih, wayahna Amih kudu rido dicandung ku Apih..." Poek.*
Meila Handayani - kisuta.com


