Sastra & Humor
Fikmin
Muludan
Sabtu, 10 Desember 2016
LATIHAN méh unggal poé. Ihsan deuk ka panggung. Solawatan. “Ma, engké lalajo pan?” Panon mencrong miharep. Indungna imut. Ngarénghap jero. “Mun seug, bapa masih aya!” Ngagerendeng. Clak, aya nu murag tina juru panon indungna.
Waktu nu dianti datang. Soré kénéh, Ihsan geus saged maké baju koko bodasna. “Ma, lalajo pan?” Pananya nu teu wéléh pinuh harepan. Wanci nyirorot ka peuting. Ba’da Isya Ihsan geus aya luhureun panggung. Rét, ka nu lalajo. Suwung. Mimiti carinakdak. Solawatan pinuh ku geter citangis. “Tola albadru alaina, min sani yatilwada..” Teuing sora ti mana. Ujug aya hareupeun Ihsan, nangkeup laju ngaharewos. “Jep, anaking! Kuring bapa-na anak yatim” Sasaurana…*
Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


