Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Rék

Senin, 12 Desember 2016

LOSTOR, enya keun baé. Ngahaja sina ngagegemblang nganti nu rék datang. Rék beurangna rék peutingna. Baeu, mo burung dirangkul dirungrum ku salaksa pangbagéa. Rék dipapag ku jentréng haleuang lagu urang téa. “When I grow older, I will be there at your side to remind you. How I still love you”
Moal, moal disosi. Rék diantep sina terus muka sapapanjangna, sanajan harepan mimiti ngarangrangan. Rék digupay ku asih nu ruhay salalawasna, sanajan impian mimiti laleungitan. Hiap, geura datang, moal disaha-saha najan tinggal leuseuhna, sésa ngalalana.
Peuting ieu, itungan warsa nu kasadasa. Bet aya nu ngagilisir kana jero pikir. Bet sada aya iber nu hiber sumeleber. Kapireng sada nu ngedepruk, marengan ketug ratug jajantung. Beuki deukeut... beuki deukeut... beuki deukeut, “Galuh?”*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya