Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Rodi

Minggu, 18 Desember 2016

KARÉTA ngajius meulah dua waktu, beurang jeung peuting. Teu incah balilahan. Napak dina jalur tasakur. Beuratna gerbong, engah-engéh, teu jadi ucapan goréng.
"Geuning lain karéta mesin?" ceuk nu lalajo.
"Karunya teuing. Dua jalma, awéwé jeung lalaki nanarik karéta."
"Boa rodi téa?"
"Teu ngésang-ngésang acan."
Teu loba tetempoan jeung dédéngéan. Sieun kapoékan. Can puguh bisa tepi ka setasion mulus rahayu.
"Sing teteg nyepengan Papah nya, Mah! Supados gerbong teu aya nu anjlog."
"Insyaalloh, Pah. Mamah tumut kana paréntah."
"Kadé! Sanés rodi. Kedah rido."
Ti sariak layung ka setasion sapanyeupahan.
"Teu aya béntenna, Mah. Badé éksekutip, bisnis, atanapi kelas ékonomi sapertos urang. Tos dugi ka setasion mah, gumantung catetan di jalan. Mugi urang nu ripuh janten rapih."
Seungit kembang sataman ngabalur setasion. Unggal gerbong ngambung teleb, bari ngeclakeun cimata bagja.
"Robbigfirlii wali waalidayya warhamhumaa kamaa robbayaani sogiiro."*

Dadah Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya