Jempol
KULUTRAK panto kamar dibuka. Horéng keur aya nu beberesih. Paroman reuwas,“Kang, naha tos mulih?”
“Muhun, rieut.” Blug, nangkub. Bantal dirungkupkeun kana sirah. Rudet pisan di kantor. Sagala urusan ngayayay, matak cangkeul haté.
“Ieu atuh, ngaleueut heula.” Ngasongkeun gelas eusi cihérang. Nyecep tiis. Dicéos, ku imut nu amis. Teu kudu dipénta, leungeunna ngusapan sirah. Disasar laun. Pas kana urat sarap nu pakuranteng. Teu pira nyabakna mah, siga nu teu maké tanaga. Nyeri sirah nu nyanyautan ngadadak sirna. Ganti nu nyanyautan téh di tempat séjén. Teu kaopan si éta mah. Caréraman pisan. Sirik pidik hayang milu diusapan. Teu talangké, “Gentos nu ieu usapanna”. Nguniang. Diusap laun pisan. Disun deudeuh, dicucup ku lambey baseuh. Tungtung ilat antel kana puhuna. Mimiti dilamot, meureudeuy. Nyéak tepi kana embun-embunan. Ngalempréh, ngararasakeun nikmat. Siga ngagelong koléngkam.*
Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


