Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ema

Selasa, 20 Desember 2016

“RADA teu ngareunah awak puguh, tapi mun teu barangjieun isuk moal boga duit.” Sora Ema rada peura. Teu kareungeu kumaha jawaban Bapa.
“Eureun atuh ngaroko téh, kapan si Nelis rék asup SMA. Mangka béayana téh matak sawan kuya ayeuna mah.” Angger répéh, pantesna téh keur nyarandé kana tihang bari ngelepus.
“Geura caian langsengna,Lis.Tagenkeun kana kompor, yeuh bawa kadinya bugisna. Mun geus bérés mah jung geura saré, lain isuk rék ngamimitian ujian prakték.” Buku nu keur dibaca ditutupkeun, sup kana ransel. Jung nangtung. Barang hordéng disingraykeun, atra katara késang Ema nu rarenung dina tarangna tingborélak katojo cahya lampu kamar. Digigireunana, adonan dua baskom deui can dibungkusan. Panon ibunan, teu téga ningalina. Sedeng Bapa, kalah ngaréngkol diharudum sarung, kacirina geus tibra.*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya