Patung
MANÉHNA. Jeung balatak pakakas. Ngaragameneng. Pahat tacan parat ngarumat. Mencrong kujur satangtung patung. Pahlawan kampung. Tan ngayuga rupa. Ukur waruga tohaga. Dibaju pajoang. Katut dorlok pageuh dina ranggeuman. Proyék patung Ki Rangga. Bapana Camat Rukman. Nu saminggu deui kudu ngajega tengahing alun-alun. “Aki manéh téh pajoang révolusi, nu geus nyinglar karaman di ieu kampung. Nu milu ngawujudkeun kamerdékaan nagara...” Sora Ninina. Angger nongtoréng. Saban medar bukur dongéng. Aya reueus nu nyaliara. Aya hinis nu ngagerihan. Lalaunan. Sirah patung diusap. Bangun hayang teleb neuleuman sakabéhna. Gap kana péso waja ukir. Ngarengkog. “Aki manéh téh dedeganna harelung jangkung. Najan lestreng, rupana teu weléh gumenclang keur Nini mah. Ngemu sumanget nu ngagedur...” Sora Ninina. Terus nongtoréng. Tapi rupa patung tacan medar riukna. Leungeunna. Kalah tipepereket nyepeng péso. Jung nangtung. Ngungkug ngajugjug kantor kacamatan. Sora Ninina. Ngajirim hinis nu langgeng ngagerihan. “Aki manéh téh dituduh jadi ulon-ulon PKI, dipeuncit di juru alun-alun ku Ki Rangga...”*
Ari Andriansyah - kisuta.com


