Dongéng Reumis
RÉT kana jam, geus beurang. Gura-giru cengkat. Méréskeun sagalarupana. Cikopi diregot saparapatna.
“Janten sabarahaeun?” tanya téh bari uyap-ayap kana pésak.
“Teu langkung..” pokna alon semu nu éra.
“Har, naha bet kitu? Ieuh, sagala rupa ogé aya hargana. Komo nu kieu. Sok baé tong asa-asa, sabarahaeun?”
Nu ditanya ukur tungkul. Aya nu tingcarélak dina pipina. Lir reumis luareun jandela. Lalaunan ngeclak mawa lumenyap. Teu ieuh disambat. Lain waktuna kabeulit urusan cinta. Lokét dibuka, ngira-ngira pisabarahaeun pantesna. Ti lambar ka lambar diitung. Teu weléh asa kurang. Asa teu pantes. Duit dikaluarkeun sakabéhna. Keukeuh. Pangira-ngira teu bisa nyumponan hargana. Karérét satukangeun eunteung aya nu keur nyérangkeun. Panonna beueus. Kuring ngalieus. Duit diteundeun luhureun meja. Gancang ngejat ti éta tempat. Mawa haté nu méh lééh. Teu sabuleud peuting nu tadi.*
Shohiba Nu'man - kisuta.com


