Sastra & Humor
Fikmin
Hujan Panon
Sabtu, 24 Desember 2016
PANON marukplukan di mamana. Teuing saha nu ngawur-ngawur. Teuing naon kahayangna. Unggal tempat naranceb panon. Rapang dina palang dada. Pabalatak di buruan, di jalan, di mana baé. Nu noongan nepi ka pacilingan. Nu nutur-nutur ka unggal rohangan. Moncorong beurang jeung peuting. Teu ngiceup-ngiceup. Panon nu teu bisa ngabédakeun bener jeung salah. Panon-panon ngarumpul nyieun paguyuban sorangan. Awor ngahiji jeung nu lian. Sarua maké baju. Sarua papada nulis carita di dieu. Panon nu ngarasa diri pangbenerna. Beuki lila beuki loba panon nu diawurkeun. Di jajalaneun, di parapatan, nepi ka lapangan méngbal, pinuh ku panon. Ti kajauhan katénjo ngagégag aya nu leumpang. Awakna moncorong pinuh ku panon!*
Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


