Samoja
TEUTEUP tineung nu gentem nyidem kakangen. Ukur wasa nyérangkeun handapeun samoja. Kana hiji makam nu keur dijarahan kulawargana. Dunga. Karangan kembang. Sarta rampé diawurkeun saanak-incu. Mangrupa pangéling yén karuhunna walagri jisim pahlawan. “Tinekanan harepan anjeun, Kang...” Gerentes diperih anggang. Sanggeus suwung. Baku. Ngadeukeutan. Gék. Ngaheneng. Rintih ngusap ngaran jeung titimangsa. “Lana temen abdi nuguran windu, boa langgeng ieu keueung...” Lalaunan. Maut malati tina sesela gelung. Ditunda luhur tetengger. Malati nu kungsi diselapkeun lalaki méméh miang jeung congo bedil. “Salawasna abdi nganti mulang jeung pasini urang...” Ungkara maneuh. Basa impianna teu weléh pateuh. Jadi tandon digulanggapér soldadu teu reureuh-reureuh. “Sakecap gé abdi moal balaka, di mana markas Akang ayana...” Kedal pamungkas. Tina rusiah nu nganteur ragana kana émbratan pélor. “Sing tibra istirah, abdi baris nepungan saban wanci...” Ngusap tetengger panungtungan. Jung. Ninggalkeun. Lebah samoja. Nyérangkeun deui. Kawas teuteup lawas basa nyeueung nu panganténan. Ngaléngkah. Laju nyegruk. Ngarangkul sulaya luhur makamna sorangan.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


