Sémah
KARÉK gé nunda tas, jol gurudug sémah perlénté.
“Punten, Bu, siswa Ibu nabrak mobil abdi. Mobil énggal. Teu acan sasasih. Wayahna siswa Ibu kedah ngagentosan rihting nu renghat sareng cét nu kagorésna, ku nu ori.”
Si Bapa pepeta. Sora satakerna. Ranteng. Si Érlan tungkul. Samar polah.
Dua poé ti harita sémah perlénté datang deui ka sakola. Néang Érlan. Rék dipénta tanggung jawabna. Budak angger tungkul.
“Kumaha tanggung jawab kolot kamu? Iraha sanggupna?” Budak beuki tungkul.
“Euh, kieu, Pa. Érlan téh kalebet siswa nu nampi dana bantuan siswa miskin. Sapalih tos dianggé mayar SPP sareng mésér sapédah paranti ka sakola. Aya langkungna dua ratus rébu. Bilih badé dicandak mah, mangga. Wios, Lan?” Kuring malik ka budak. Karérét budak unggeuk bari nyusutan juru panonna.
“Mung sakitu, Bu?” Sémah mangloh. Sep duitna dipésakan. “Kumaha Bu, pami sapédahna dilélang? Méh teu dianggé ngebut, bilih nabrak mobil deui!”
Budak ngarénjag. Teuteupna samagaha.*
Teti Taryani - kisuta.com


