Jogja Never Ending Story
ANJOG deui ka Jogja. Ka Malioboro, jalan nu leubeut ku tineung. Di Jogja Library Center, panggih jeung Lastri, pituin Jogja. Munasabah mun apal Jogja tepi ka bubuk leutikna téh, da geus dalit ti bubudak. Lastri nu nganteur ulin ngurilingan Jogja, tepi ka mangmilihkeun guest house nu pikabetaheun. Ngingiclik salila saminggu di Jogja. Sataun méméhna, wawuh jeung Ayu mojang Solo nu lungguh, di Vredeburg. Resep ku soméah jeung andalemina, bubuhan aya teureuh ménak. "Di tempatku aja," cenah. Ngajak mondok di pavilliun nu dikontrakna. Leutik, ukur kamar hiji, tapi resik. Taun séjén tepung jeung Martha di Mirota, urang Ustrali nu geus lila cicing di Jogja. Aya Utami nu wawuh di Monjali, Ika jeung Nindya pagawé Inna Garuda, Hanum nu resep ngalamun di alun-alun, Sri nu pinter ngabatik, jeung Retno nu ogoan. Ayeuna ngahaja ka Jogja deui, rék nepungan maranéhna. Rék mulangkeun tineung, sakalian ngawanohkeun Mas Bambang, salaki kuring ayeuna tepi ka jaga.*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


