Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ngélmu

Sabtu, 31 Desember 2016

GEUS opat puluh poé lilana kuring puasa mutih. Rét, ka langit bulan purnama ngempray. "Nyai, hayu cuang ka wahangan béh kalér. Geura mandi." Ma Ebod ngagareuwahkeun bari mawa baskom bodas eusi keris nu dikeueum ku cai kembang. Kuring leumpang nuturkeun Ma Ebod. Anjog di hiji wahangan nu dijugjug, kuring ancrub ka wahangan bari diguyuran cai kembang. "Cuang nyirepkeun ayeuna mah." Ma Ebod nungtun kuring balik deui ka imahna. Sup, ka rohangan, haseup ngelun bau menyan jeung minyak malati. Saréngséna ritual, kuring mapatkeun jampé-jampé asihan bari meuleum dua gagang sapu paré. "Teu meunang ngarenghap!" Ceuk Ma Ebod. Sapu paré geus pareum, Ma Ebod nyecebkeun susuk di antara dua halis kuring. "Geus sampurna, Geulis..." Ma Ebod seuri leutik. "Énjing abdi pamit, Ma. Badé uih deui ka kota nuntaskeun kanyeri haté abdi." Ceuk kuring bari sungkem ka Ma Ebod. Aya udageun hayang males ka kang Aep alatan lisanna nu masih kénéh kapireng nepi kiwari "Naon? Sudi teuing! Daripada uing bobogohan jeung si Ita mah mending wé kawin jeung béncong!!!"*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya