Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lir Étalase

Selasa, 3 Januari 2017

NGABOLÉKLAK erok istri nu calik di payuneun. Bongan erokna pondok naker. Kabeneran angkot téh muatanana metet. Sidik unggal penumpang jaluna mah, juru panonna rét deui rét deui ka lebah nu nyingsat téh. Ngan uing nu teu rurat-rérét mah. Uing mah anteng wé neuteup nu nyingsat teu kiceup-kiceup. Ari nu diteuteupna hantem ngabedolan erok pondok sangkan turun nutupan mulus sukuna. Tuluy ngomong. "Apa sih, kampungan banget deh!" Kuring ngan imut. Na gerentes. Beu, ari embung ditempoan mah, nanahaon atuh ditémbong-témbong.*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya