Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Jangjang Pateuh

Senin, 9 Januari 2017

TINA gesrukna geus moal boa, léngkahna pisan nu ngadeukeutan kamar. Ema geuwat ngarawu kuring. Muru dipan. Diharudum ku simbut welang. Jangjang pateuh nangkeupna pageuh. Hariweusweus nitah jempling. Tapi gumuruh atra lebah dadana nu ngajangjawing. Basa pantona ngulutrak, aya keukeup nu matak eungap. Ngawani-wani mélengékeun simbut, katingali, lépis belél tuurna rawék. Belewuk. Léngkahna ingkud. Gesruk.. Awor dina sora nu peura. Gegelendeng teu puguh ungkara. Anging bau nu nyegok angseuna. Rekét lomari, sérélék laci. “Jadah! Dikokod ku saha?” Mancawura. Bati peureum. Inget kana duit pulas beureum. Sasarina diancokeun keur manéhna, béak dibeulikeun ubar ku Ema. Aya tangkeup tipepereket. Gesrukna léngkah beuki deukeut.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya