Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Mang Japra
Selasa, 10 Januari 2017
PANGAWAKAN jangkung gedé. Buuk jabrig, tara leupas ti iket. Kumis ngajepat. Awakna pinuh ku tato, ti mimiti gambar naga nepi ka gambar kembang, aya. Maké mangsi. Bedog disorén na cangkéng. Pada mikasieun. Sahaok kadua gaplok. Euweuh nu teu apal saurang gé ka Mang Japra. Jéger kahot ti Cimaung. Bulan ieu geus dua urang asup rumahsakit, teuing pédah naon. Geus teu kaitung sabaraha kali urusan jeung pulisi. Kaluar asup sél, jang manéhna mah jiga tempat ulin.
Geus aya samingguna, Mang Japra teu katempo ngulampreng. Atawa nangkring di pangkalan ojég. Manéhna teu walakaya. Ngaringkuk jiga kuuk, bari ceurik ngabangingik. Lain pédah éléh tarung, atawa ditembak sukuna ku pulisi. Teu pira nyeuri huntu.*
Maya Pancanaka - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


