Sastra & Humor
Fikmin
Nguyup Cimata
Rabu, 11 Januari 2017
TINGCARIAP. Tingciricip. Ricit. Kakara megar. Awak cuméndol kumeleter. Niliktik. Nguyupuk. Tutas nyileungleum. Indung ngalingkupkeun jangjang. Ngarungkup deudeuh. Nyulusup kana tangkeupan. Dilolohan ku kanyaah. Ranghap. Nyorokcok. Piligenti.
Rut-rét. Bekel teu nyukupan. Sanajan leuleus, lungsé, kudu miang néangan. Geleber. Clé. Sakapanggih. Laju disidem dina telihna. Teu wasa neureuy. Dina waktu anak halabhab. Tuhur ciduh. Garing tikoro. Cimata tandonna.*
Yanti Sri Budiarti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


