Bonéka
"SURPRIZE!" pokna, paromannana marahmay ngasongkeun bonéka Teddy Bear bodas nu keur ngeukeupan écéng pulas beureum 'na dadana. Tulisan "I love you." atra ngajeblag pulas bodas. Kuring ukur mencrong kana bonéka. Rut, rét ka manéhna nu paromanna mimiti robah. "Teu seneng, nya?" Manéhna tumanya. Saenyana, sawatara poé ka tukang kuring kungsi ménta cingcin minangka pameungkeut rasa, bet kalah méré bonéka. Gap, belewer, bonéka dialungkeun ka tengah jalan. "Tin...." sorana dareuda, laju satengah lumpat muru bonéka. Cekiiit! Jedak! Mobil nu keur nyemprung neunggar ragana. Ngalempréh satengahing jalan, guyang getih 'na saban keclak cihujan. Jumerit diantara rasa dosa jeung kaduhung, kuring ngagabrug manéhna. Leungeun kéncana ngeleper ngasongkeun bonéka. Sumegruk basa leungeunna ngulapés. Aya nu nyeuit basa kuring nangkeup pageuh raga nu geus teu nyawaan, teu kahaja bonéka kapencét, wangun écéngna nyoara "Will you marry me?... Will you marry me?"*
Bunda Unie - kisuta.com


