Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Si Euceu

Senin, 16 Januari 2017

"LAMI dirawat, Ceu?" Nu ditanya ukur unggeuk. Sorot panonna nu bangor ayeuna mah geus leungit. Rénghapna semu eungap. Teu siga dua bulan katukang, mun ngarénghap téh eundeuk hariguna. Peungkeur pisan napasna.
"Pokari swét, A?" Si Euceu geus apaleun deui. Kuring unggeuk. Léos ka jero mobil. Teu waka ngahurungkeun mesin. Ngaheruk heula. But bet panineungan ngencar tina ingetan, tuluy ngarampih deui, ngajadi surti. Aya cimata nyangkrung. Rét ka jalan nu ngembat. Liliwatan. Rét ka warung. Si Euceu katingali keur diuk. Awakna nu jadi rengkung, dibulen ku switer marun. Manéhna ngarandapan nu keur kuring ukur saliwatan. Rénghapna meuyeum kanyeri. Lapur teu kadongkang ku peurihna ieu rasa.
Sigana, marud manéh gé teu sapeurih ieu. Ieu mah dicampur ku rasa kaleungitan nu unggal detik téh karasa lenyapna. Lewang pisan. Teuing nyeri naon ngaranna.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya