Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Antara Dua Rohang

Kamis, 19 Januari 2017

NYAAH kuring ka Vina, lain pamohalan. Sab aya dina wates nu teu kaleuleuwihi. Satuhu kana jangji pasini séwang-séwangan. Nyaah cukup digambarkeun ku ngusapan buuk atawa silih teuteup. Bungah pira ukur reureujeungan bari pataréma réma. Geus niat rék dipusti-pusti, ngarah éndah dina waktuna. Najan birahi mah sok timbul saharita, tapi unggal curukna antel kana biwir, sok pirajeunan ngadak-ngadak léah. "Teu kenging, Aa. Simpen kanggo engké, ngarah sampurna panganténan urang." Kuring nyangking pisan ucapan éta, antara nyaah jeung birahi. Hanjakal puyar alatan gardéng anu nyingkab. Borélak pingping jeung neuhneurna pinareup Tante Sisca, nu duka ngahaja atawa henteu, metot kuring kana perkara nu teu kapikir saméméhna. "Tante moal geruh, Bén. Percaya, ukur urang duaan nu nyaho." Urang bubulucun duaan. Meureun kudu kitu kajadianana. Kuring ngoléab dina umpalan birahi nu teu kaampeuh. Antukna kuring ngararasakeun sugemana haté dina dua rohang anu béda. Kanyataan nu patukang tonggong, genténan silih eusian. Kuring betah ngalakonanana. Tepi ka kiwari.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya