Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kareueus

Sabtu, 21 Januari 2017

SALAKSA nalangsa nu minuhan dada, lita sapada harita sab tepang sareng salira. Sok sanaos sapaparat waktu mung ningali nu kemba. Nanging waktos ditaros, aya nu kedal, “ Oh ,muhun nepangkeun.” Dibarung imut semu lingsem. Duh, nu gagah rohaka dina panggung cahaya, nu wawangina nyambuang seungit ngajul jomantara, rupina nyamuni dina lalangsé léngkah nu lantip tebih tina ria. Salira, raja tina mangyuta béntang sulintang, singhoréng sakitu basajanna. Janten tampiraos satadina manawi téh badé aléwoh. Namung, satemenna dina diri nu laip ieu aya mangréwu kareueus wiréh sareng salira kantos pataréma ungkara.*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya