Kembang Ros Beureum
"WANG kabur Mah, yu!" Si Tétéh teu kaop nénjo indungna ngeunteung.
"Da bapa téh nyaaheun, Téh..." Témbalna bari ngulas-ngulaskeun krim. Rét kana kembang ros beureum dina kasur. Kacipta nyuuhna. Handeueul ménta pangampura. Rét deui ka nu geuneuk dina pipi. Rénghap. Isukan gé cageur.
"Ngejat, atuh Mah! Maenya dugi ka kieu calik baé...!" Si Tétéh mangloh. Las. Las. Krim antimemar kana tonggong jeung cangkéng indungna. Ras ka nu nangkeup bari ngusapan. Bro, nedunan kahayangna. Kembang ros beureum mingkin loba. Dina kasur. Dina méja. Matak léah.
"Nyaahna mah da nyata, Téh...!" Sorana mimiti dareuda.
Séjén waktu, digarotong ka rumah sakit. Tulang igana potong. Geuneuk saluar awak. Bapana nguruskeun bari ngusapan. Nungguan bari ngaheruk. Kembang ros beureum ditunda satungtung deuleu, minuhan kamer.
Kiwari, kembang ros beureum diawur-awur kana gundukan taneuh beureum. Bapana ngagukguk. Leungiteun raga asih nu mindeng jadi tandon amarahna.*
Teti Taryani - kisuta.com


