Tukang Lauk
RAMÉ pasar téh. Enya ramé, puguh wé da pasar. Ngajajar pahareup-hareup
satungtung jalan. Diwates ku jajalaneun keur nu lalar liwat. Séah, teu puguh
déngé. Saurang mojang, lenjang, maké rok span kembang-kembang
ngajingjing kérésék hideung. Sabada balanja sambeleun, tuluy nyampeurkeun
tukang lauk nu keur malaweung. Ududna nyenghél na biwir. Haseupna ngelun.
"Aya lauk mujaér Mang?" Sora nyi mojang ngagebah.
Tukang lauk ngarérét. Gebeg. Ududna méh ampir murag. Tuur ramohpoy,
untung leungeunna rikat muntang kana kiloan.
"Kunaon Mang?" Nyi mojang nyikikik nempo polah tukang lauk.
Sakeudeungan tukang lauk olohok. Lelembutanana nu bieu bencar ngariung
deui. Sanggeus menerkeun kuplukna, tungtungna kedal pananya.
"Punten, Dayang Sumbi ieu teh?" Tikorona ngadadak garing.
"Sanés mang! Dayang Sumbi mah pun biang..."*
Is Tuning - kisuta.com


