Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Kungsi Ilang

Rabu, 25 Januari 2017

"RÉ...Réndi...," ceuk Si Geulis, hareugeueun.
"Enya, Ta. Ieu kuring. Nu kungsi ilang. Ayeuna balik deui. Keur Anjeun."
"Tapi...," teu kebat, kaburu ditungkup ku curuk biwir kayasna.
"Sssttt... Geus tong loba tatanya. Ayeuna kuring geus ngajanteng hareupeun Anjeun. Sok geura budalkeun sagala kasono nu kebek dina dada Anjeun."
"Kuring geus lain Sinta nu baheula," haréwosna basa seungit buukna teleb minuhan dada.
"Kuring geus lain Sinta nu Anjeun," rada bedas ayeuna mah sorana.
"Naon maksudna?" cekéng bari diteuteup seukeut mata béntangna.
"Kuring geus lain Sinta nu baheula..."
Teu kanyahoan ti mana jolna, péso geus nanceb dina angen. Getih baloboran kana leungeunna.
"Kuring moal cicing dikitu kieu ku Anjeun cara baheula. Nepi ka biwir soéh tur tatu nepi ka ayeuna. Suku jeung leungeun pinuh tapak setrika jeung sundutan roko. Panon kuring kari sabeulah nu nénjo. Utun inji nu teu kungsi nempo dunya alatan Anjeun. Péso éta, Réndi, kanyaah kuring keur maranéhanana."*

Lia Robby - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya