Deungeun-deungeun
DIBIBITA ku guruntulan batu Campaka mah ojég téh katénjo giak nyanggupan. Nganteurkeun ka padumukan. Puguh parahu béakeun solar. Ngolétrak sapisan basa anjog ka darmaga. Satadina mulang téh hayang nyiriwik mapay basisir. Itung-itung niiskeun pikir.
Soréna, sabot ngabaheuhay dina sofa bari nyonyoo harmonika, torojol téh manéhna. Dicindung kayas kawas mangkukna. Biwir geus hayang geura pok, boa manéhna kikituan téh ukur kedok. Ngan manéhna kawas nu embung dipoyok. Kalah tuluy ngoloyong ka dapur. Disérangkeun téh keur malikkeun aseupan. Sanguna ngebul kénéh pisan.
“Badé tuang ayeuna, Aka?” Manéhna ngalieuk. Kuring teu némbalan. Ras inget teu boga uyah-uyah acan.
“Badé milari réncangna heula atuh nya...,” pokna. Tuluy ngojéngkang ka pangkéng. Madep deui téh geus disimbut karémbong. Sanggeus imut leleb, langgéor muru panto. Ukur giplekna nu ngalangkangan.
Pikeun kuring, manéhna téh nya deungeun sanguna. Lauk Mujaér nu kungsi dipiceun ka tengahing sagara. Mangkukna kalah jebul deui. Bari kukulutus. Majar narah dikukut Hyang Néptunus.*
Asep Komara - kisuta.com


