Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Budak

Sabtu, 28 Januari 2017

GEUS tilu kali ‘na minggu ieu, Si Ujang ceurik balik sakola. Sup, ka kamar. Tuluy ngaringkeb manéh. Aya kahayang jigana. Da memang kitu adatna. "Énjing moal sakola, ah!” pokna sabada berjamaah salat magrib. "His, teu kénging kitu!” cekéng. Sirahna nu nyusup ‘na lahunan, diusapan. "Tuda dipoyokan baé ku si Komar, majar anak Jaddah." Kuring ngahuleng. Haté asa disebét. Téténjoan ngadadak rumeuk. Isukna. Bi Supi rawah-riwih. "Néng, énggal ayeuna kénéh ka sakola! Si Ujang nakol si Komar. Ayeuna aya di ruang kepala sakola.” Teu ngusap birit. Berengbeng wé. Sup, ka rohangan kepala sakola. Dibagéakeun beungeut soméah. Si Ujang kasampak keur nyegruk ceurik. Kéncaeunana aya budak lalaki pantaranana. Sarua keur ceurik. Si Komar jigana. Diusapan ku bapana. Rét ka nu ngusapanana. Meg. "Esih...?" pokna halon bari melong. "Ujang, hayu balik! Ujang mah anak Mamah." Budak dijéwang. Harita kénéh amitan ka kepala sakola. Teu ieuh hayang némbalan pananya lalaki nu nyeplés pisan si Ujang.*

Rini Mayasari - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya