Nineung
IMAH gedé asa beuki gedé. Karasa satutas hirup taya baturna. Cunggelik. Purah nunutur wanci, sakadar nungguan pati nu kaluli-luli. Méakkeun poé-poé nu eusina ngan ukur, kuring, haté, jeung simpé. Aya nu karasa leungit poé ieu. Kuring nineung ka manéhna. Nu geus lila teu kareungeu dengérna. Rasa nu datang saharita. Duka kunaon. Kalan-kalan sok kagoda ku sorana, mun kuring keur ngarasa tuna. Najan babaku mah asa kaganggu. Bongan sora téh taya genahna. Tapi ayeuna kuring rumasa, yén salila ieu manéhna hiji-hijina batur nu satia. Nu teu weléh aya dina peuting-peuting nu pinuh ku keclak cimata. Manéhna, nu teu pernah ku kuring dipaliré. Hampura. Peuting ieu kuring nganti deui sora éta. Nu datangna ti luhur para. Toké...! Toké...!*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com


