Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Salah Sasaran

Senin, 30 Januari 2017

SANGGEUS ngasupkeun mobil ka garasi, kuring ka enggon. Gék hareupeun meja rias, tuluy meresihan make up. Pindah kana sofa, ngahurungkeun tipi. Rét kana ranjang, aya nu ngulisik. Simbutna nyingkab, katémbong opat suku silih beulit. Napsu timburu liwat saking. Kuring ngarawél stik golf, laju dibabukkeun ka nu keur sararé. Jebrod! Jebrod! Jebrod! Nu dirurub simbut aduh alah tingkocéak. Belewer stik golf dialungkeun, tuluy ka dapur. "Deuh, nu geulis, Akang nembé uih lembur. Capé, nya? Ieu Akang ninyuh cikopi. Sagelas ku duaan, nya?" Kang Diki ngasongkeun gelas bari imut. Kuring ngembang kadu. Kang Diki ngaranggeum réma kuring, bari pokna, "Néng,tadi sonten, Abah sareng Ambu dongkap. Sono cenah ka Néng. Lantaran kamar tamu balocor, jaba teu acan dibérésan, nya dipiwarang leleson di enggon urang. Tos ditepungan teu acan?" Puah! Cikopi nu tacan ngaliwat kana tikoro ngabura raray Kang Diki.*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya