Sastra & Humor
Fikmin
Ciibun
Selasa, 31 Januari 2017
TURUN tina karéta dipapag ku leungeun-leungeun tukang béca nu ranggah, paheula-heula ngarawél kantong jeung kardus babawaan. Semu maksa jeung teu sabar nananyakeun alamat nu dituju. Nyel, wé. “Ké, atuh Mang, mani teu sabar! Kadieukeun babawaanana! Kana béca séjén wé tibatan dirurusuh mah!” Si Emang répéh, melong bangun hanjelu naker. Si Panengah nu kakara kelas opat ésdé rikat metot leungeun nu rék ngajéwang babawaan. “Tong marah atuh, Mah! Mungkin si Emang maksa téh pingin dapet duit buat nyekolahkeun anak-anaknya… atau mungkin buat beli makan,” pokna téh. Leketey… caritaan budak lir hérangna sakeclak ciibun. Bari merenahkeun awak kana béca, kadéngé haréwos si Emang, “Nuhun, Kasép!”*
Teti Taryani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


