Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Eunteung Katineung

Kamis, 2 Februari 2017

"GEUNING manis...?" Ucapna, aris. Lir anu ngeunteung ngagulak-gilek sirah. Hiliwir angin nyilirkeun dangding lumengisna. Prihatin. "Teungteuingeun!" Ngagerentes. Mencrong deui beungeut cai. Bréh beungeut jeung saniskara kalangkang dahan tingariak. Sidik. Hiji gambar diri nu galurana umpal-umpalan méh ngabedahkeun dadana. Lurlar kana uteuk tresna nu sarwa pana. Laju tungkul ngahurun balung sisi situ. "Gusti, abdi tobat! Abdi tobat, Gustiii!" Cengkat bari ngarawél régang awi. Dibubat-babét lebah beungeutna nu ngalangkang dina cai. "Teungteuingeun! Teungteuingeun!" Jeritna meulit kana diri. Kaduhung horéng ruruhit. Rumasa mindeng mungpang pépéling langit. Kiwari, nyidem papait jeroeun jero, jerona batin. Jempling. Anteng ngajanteng basa panon poé méméh mulang, sindang, ngadon ngarangkul sukma sungkawa. Nu réma-rémana alon morosotkeun méga-méga hideung katineungna. Awakna ngagebur dirungkup layung. Hurung. Ninggalkeun peteng, carem jeung kalangkangna dina kakalem cai situ.*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya