Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tétéh

Minggu, 5 Februari 2017

TÈTÈH. Okos sasari. Saacan uing ngajala. Uing ngamprokan heula. Jeung sapiring sangu. Jero ubrug. Sisi paranjé. Tétéh angger ngabigeu. Kukusut buuk. Raragas awak. Lalayeus teuteup. Bureuyeung kandungan. Suku dipasung. Sarta ranté lana nyangreud pigeulang. Mun Ema aya kénéh meureun moal kieu. Uing hayang ceurik gagauran. Hayang nyarékan Abah. Bébéakan. Ku naon pangna luluasan nyiksa Tétéh. Tapi teu wani. Uing hayang maturan Tétéh di dieu. Hayang ngahuapan. Hayang nyisiran. Hayang nyimbutan. Tapi Abah tangtu nyarékan. Geura wakca, Téh. Sanajan saengab sora. Saucap ngaran jadi tuduh raratan. Ku saha Tétéh dirurujit? Tétéh lain jalma burung. Lain. Lain jalma gebleg sakumaha omong batur. Tétéh. Ayeuna uing ngawelah géték. Rék ngala gabus karesep Tétéh. Kaciri Abah gé luhur lamban di béh ditu. Ilok? Tétéh ning ngilu jeung Abah? “Bah, ampun...! Imas jangji moal bébéja ka sasaha...! Ampun...!” Hawar-hawar sora Tétéh jejeritan. Uing beuki tarik ngawelah géték. Tapi aya nu ti heula diteureuy riak séah bendungan.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya