Sastra & Humor
Fikmin
Nineung
Senin, 6 Februari 2017
TINA hujan kana hujan. Kadang tina ngeprisna girimis kana simpé nu tiis. Anjeun bulak-balik ayun-ayunan na lebahing dada pangjerona. "Sanés pédah aya hinis nu nurih. Sanés pédah aya ungkara nu matak peurih, kang," ceuk anjeun harita, basa léngkah digugusur nuturkeun pinasti. "Akang surti, geulis. Da soca salira tos ngawartoskeun sagalana."
Sagara misahkeun raga. Alam ogé misahkeun sukma, tapi haté lawung waé. "Dangdaunan nu oyag ku hiurna angin, ngaharéwoskeun béja ti langit, geulis. Majar jaga mah urang duaan bakal ngaréndéng. Jadi béntang nu mapaésan peuting."
Lamunan tuluy manjang. Jadi cahaya nu mapay unggal huruf dina tetengger anjeu
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


